Anaking
ANAKING
karya Moh. Ihsan Khoeroni
Anaking Teu karaos genep tahun hidep sakola di ieu madrasah
Milari elmu agama kanggo panunjuk arah
Sangkan hirup karasa merenah
Ngajalankeun ibadah milari ridho ilahiyah
Anaking
Paturay lain paturay pepegatan
Tapi paturay kangge kalanjutan
Milari elmu tur milari kabagyaan
Didunia tur di akhirat..
Tantu syurga anu janten harepan
Anaking
Salami hidep sakolah di ieu madrasah
Sadayana guru neda pang hapunten
Tina tingkah sadidinten
Bilih aya tingkah, polah, sangka anu salah
Anu teu raos lebet kana manah
Tur nusuk kana amarah
Hidephirup didunya moal lila
Kedah muntang kana tiang agama
ulah jauh ti para ulama
Sangkan tiasa mibanda raga milampah taqwa
Anaking
Mibanda elmu sanes ngansaukur impenan
Sanes oge kur janteun lamunan
Sumangga lengkahkeun sampean ku kayakinan
Tekadkeun hate muntang kana kaimanan
Ka gusti Allah anu kagungan kakawasaan
Lalampahan anjeun masih panjang
Tong sieun kukasusah anu ngalintang
Tong sieun ku kabingung anu ngahalang
Anjeunmibanda elmu dasar agama kanggo panopang
Tur janten pedang kangge ngahadang
Anaking
Jungjung cita-cita hidep sadayana
milari elmu kanggo bekel di alam baka
Tong hilap hormat ka indung bapa
Caketan para ulama nu mibanda elmu agama
Sangkan bagya dunya tur alam baka
Bralhidep pilari elmu pangarti
Sangkan janten jalmi anu sajati
Benghar harta jembar ati
Sholeh-sholehah tur taqwa kagusti
Anaking
Karaos sedih kalintang seueur tumiba
Ngagumpel dina manah tur dina raga
hidep bade paturay sareng Bapak kalih ibu guru sadaya
Bapak kalih ibu mung tiasa ngadu’a
Kagusti anu maha kawasa
Mugi hidepsadaya tiasa janten jalmi bagya tur taqwa
Ngamalkeun elmu tur ngebrehkeun kabisa
Hormat bakti kanu janten indung bapak
Hirup sauyunan sareng papada manusa......
Baca Juga
Post a Comment
Post a Comment