PATURAY TINEUNG
PATURAY TINEUNG
Karya Moh. Ihsan Khoeroni
Paturay Tineung……. Paturay Tineung
Sapu nyere peugat simpay
Nitik mangsa…..Nitik beja
Sahingga hate hariwang arek leumpang
Lalaunan abdi sadaya pasti bakal nyorangan
Mihareup dunya anu loba godaan
Kanggo mapay dina jalan kaimanan
Leubeut surga janteun hareupan sadaya insan
Genep taun abdi sadaya milari elmu agama
Kanggo alat panguat jiwa milampah taqwa
Milari karidoan anu maha kawasa
Salamet tina panasna seuneu naraka
Teu karaos parantos tumiba kana waktos
Waktos Paturay sareung guru anu masihan pangartos
Paturay sareung rerencangan anu seueur carios tur tumaros
Anu sasareungan milari elmu sinareung pangartos
Ragap basa medal tina jiwa
Haturnuhun kasadaya ibu sinareung bapa
Ngadidik tur ngabimbing dina jalan agama
Leupat ucap, leupat lampah tur awon sangka
Moal lepas tina raga abdi sadaya
Sapertos kertas anu pinuh ku tinta
Raga anu pinuh ku dosa
Ibu tur bapa guru anu ku abdi sadaya dimulyakeun
Sembah simpuh abdi sadaya numut pangapunten
Tina sagala tingkah polah sadidinteun
Nu di ucapkeun, di gregetkeun tur anu di lakonkeun
Do’a anu di pihareup ku abdi sadaya
Elmu manfaat tur tiasa ngajaga jiwa
Mibanda Raga ku tali agama
Hirup di dunya pinuh ku bagya
Baca Juga
Post a Comment
Post a Comment